Arsip untuk Desember, 2007

apalna dina

Posted in Galeuh on Desember 27, 2007 by galuhkiwari

Mun seug dina apalna, cai teh ari matak kiruh mah, mending teu apal sakali.

Sucina

Posted in Galeuh on Desember 18, 2007 by galuhkiwari

Asa kaingetan kamari mulang ti lembur, biasa we ari dina beus mah sok aya nu ngamen, asa kataji ku ucapna hiji ibu-ibu, kurang leuwih umurna mah aya kana 50 taunan, bari mapay-mapay ka tiap penumpang mapaykeun pamere, teu weleh ngucapkeun ” Sucina badan sampurna sukana ku panarima“. Duhhh.

Nyiar

Posted in Galeuh on Desember 18, 2007 by galuhkiwari

Assalamualaikum, sampurasun, Bapa-bapa bade kamarana ieu teh?”. ceuk kuring nanya bari rada hemeng. Hayu jang cuang nyiar pangarti rek milu!”. jawabna. Subhanalloh.

Usum Hujan

Posted in Galeuh on Desember 14, 2007 by galuhkiwari

Akang mah tara ngawaro, geus puguh susukan ulah dibendung! ieu ngadon dibendung! balong hampir ka keueum! kumaha mun bentas? angger Nyai-nyai keneh nu ripuh kudu menerkeun.

Nyirrrrr, kuring dicarekan ku jikan euy heheh.

Jalankeun

Posted in Galeuh on Desember 12, 2007 by galuhkiwari

LAKONAN, Sakitu anu kapihatur…ugs!