Arsip untuk Maret, 2008

Gugupay

Posted in Galeuh dengan kaitan (tags) , , , on Maret 28, 2008 by galuhkiwari

Bapa,,, Bapa.. Bapaaaa, bade kamana??!!, rawah-riwih lulumpatan nuturkeun bari gugupay.

Deudeuh teuing, sakedap anaking, Bapa moal lami mung bade nganjang.

Beuki jauh, ngambah… duh pamandangan endah, sarwa bersih.

“Paaaa, Bapaaaa”
“Naha bet kedah nangis Anaking??” gerentes.

Lebah Gapura, eureun nyanghunjar nitenan sabudereunana. Nu nyalukan masih ngelak pikawatireun.

” Muhun anaking Bapa Mulih”. Dirangkul ku ka deudeuh, ulah salempang anaking.

Aya Listrik

Posted in Galuh dengan kaitan (tags) , on Maret 27, 2008 by galuhkiwari

Aya Listrik di Masigit caangna ka bina-bina, Aya istri jangkung alit… (teraskeun baraya, piraku ari caangna kabina-bina deui mah :) ).

Seungit

Posted in Galih dengan kaitan (tags) , on Maret 27, 2008 by galuhkiwari

“Anjeun nu wani-wani mukakeun turub!” sakedapan kuring ngahuleng, ngahuleng neangan pijawabeun bari nitenan awakna nu jangkung badag kajaba mawa pakarang. Naha Kuring salah! naon bedana kuring nu anyar jeung nu geus puguh rengkolna saheulaan ti kuring. Mukakeun, dikorehan bakat ku hayang apal jeung nyaah, sugan aya pulunganeun keur kuring. Lain eukeur ngagerihan naon nu geus kaliwatan. Wawangina mawa bagja keur kuring. Sampurasun.

Narima

Posted in Galeuh dengan kaitan (tags) , , on Maret 27, 2008 by galuhkiwari

Asa teu tarima, digulang gaper saban inget, dirumatan dina rasa kaendahan nepikeun kuring ngarasa merod, ajrih basa anjeun dipenta ngalanglang, kuring nu sakieu kaayaanana, kari-kari ayeuna anjeun hayang milu! kuring nu salah can bisa maca kahayang andika dina sajatina!.

Ngagedurna rasa, lir seuneu ngabeubeula, rineh, rineh,rineh. Enya! kudu jembar, hampura kuring dina kabodoan, jug geura nyiar, kahayang kuring sarua jeung kahayang anjeun. Kuring ngan saukur boga waruga, pamenta kuring sing inget kana pangbalikan sabab kuring pasti ngarasa sono, sono alatan patali batin. Bral miang dianteur ku jembar. Allohuma Sholli Ala Muhammad wa Ali Muhammad.

Panggentra

Posted in Galih dengan kaitan (tags) , , , , on Maret 27, 2008 by galuhkiwari

Sapanjang jalan, rada beda rarasaan, geugeubeugan, leuh moal boa, gancang di gebah ku pamadegan awalna. Di gentraan ku weningna galih, wanci geus bray-brayan maju ka isuk-isuk, mapay-mapay jalan lembur nu dipageran ku tangkal jati, anjog kanu dijug-jug hate beuki nyeredet,  duh di bageakeun ku si emak, jegoh-jegoh ka dangu di dapur si Bapa mah batuk, rada hareugeueun ningali kuring, nilik-nilik bari neuleuman. Kuring dua’an menta widi heula Subuh. Di tengah imah geus disayagikeun cikopi, rada kaku ngobrol teh jeung nu jadi kolot, di telepek itu-ieu maklum kuring mawa dulur anyar pinanggih. Sanduk-sanduk dina pamadegan nu awal, wening, wening, wening.