Arsip untuk April, 2008

nyeri Huntu

Posted in Galih dengan kaitan (tags) , , on April 26, 2008 by galuhkiwari

Nu ngarana nyeri huntu mah lain bantrak-bantrakeun, harita ge Uwa Dahlan meni reumbay jaba teu daek cicing, nonggeng beuki nyanyautan geus diubaran angger can aya hasilna. Dihareupeun imah ngabrangbrangkeun kanyeri Uwa Dahlan diuk bari ngusapan pipi, hulang-huleng jiga nu jarauh panineungan. Teu sakara-kara na ari ceuleungkeung teh: “Karaosss, karaossss, mangga karaosss”, hiji sora datangna ti saurang pemuda bari mawa gembolan.

Puguh we Uwa Dahlan muncureng, nafsu kagila-gila. blewerrr sendal nu pangdeukeutna di baledogkeun

“Gagabah pisan ka kolot teh kalahka moyokan, puguh heuheuh karasa nyeri!” Uwa Dahlan ngadegdeg.

“Har ari Bapak ku naon, jol maledog bari ambek?” si pemuda rungah ringeuh soak jaba bingung.

“Ari bieu nyebut naon silaing?” Uwa Dahlan angger muncereng

“Karaos!” si pemuda nembalan

“heuheuh eta, moyokan nya!” ngeupeulkeun peureup

“Na ari bapak da abdi mah nuju nawiskeun kaos,” ceuk eta pemuda bari mukakeun gembolanna.

Uwa Dahlah, colohok bari ngacay.

Nadoman, Pupujian

Posted in Galeuh dengan kaitan (tags) , , on April 26, 2008 by galuhkiwari

Emut keur leutik, memeh maghrib sok aya pupujian, matak nineung, ari eusi pupujian na teh kieu:

ANAK ADAM

Anak Adam anjeun di dunya ngumbara
umur anjeun di dunya téh moal lila

Anak Adam umur anjeun téh ngurangan
saban poé saban peuting dicontangan

Anak Adam paéh anjeun téh nyorangan
cul anak cul salaki jeung babandaan

Anak Adam paéh euweuh nu dibawa
ngan asiwung jeung boéh anu dibawa

Anak Adam pasaran téh lolongséran
saban poé saban peuting gegeroan

Anak Adam anjeun kaluar ti imah
digarotong dina pasaran tugenah

Aduh bapa aduh ibu abdi keueung
rup ku padung rup ku lemah abdi sieun

Anak Adam di kubur teh poék pisan
nu nyaangan di kubur téh maca Qur’an

Ngadaweung

Posted in Galih dengan kaitan (tags) on April 19, 2008 by galuhkiwari

ngadaweung

Cobi upami nuju ngadaweung kieu teh, aya cikopi sareng di gentraan ku Kacapi Suling, komo upami aya rencangna… mah langkung … :) .

Ngasuh Ngaluwuh Musuh

Posted in Arsip dengan kaitan (tags) , , , on April 18, 2008 by galuhkiwari

nganon nu ka sarumahan
geusan surup kana tangtung
geusan Atra kana Rasa
Ebreh sapangeretan
Nusa Sa-Ma, Nusa Sa-Ha
Nu Sa Sa-Ma, Nusa Sa-Da
Ma Ha Ma Da

(anu mancen jeung nu dipancen)

Kintunan Ki Laras Maya