Nadoman, Pupujian
Emut keur leutik, memeh maghrib sok aya pupujian, matak nineung, ari eusi pupujian na teh kieu:
ANAK ADAM
Anak Adam anjeun di dunya ngumbara
umur anjeun di dunya téh moal lila
Anak Adam umur anjeun téh ngurangan
saban poé saban peuting dicontangan
Anak Adam paéh anjeun téh nyorangan
cul anak cul salaki jeung babandaan
Anak Adam paéh euweuh nu dibawa
ngan asiwung jeung boéh anu dibawa
Anak Adam pasaran téh lolongséran
saban poé saban peuting gegeroan
Anak Adam anjeun kaluar ti imah
digarotong dina pasaran tugenah
Aduh bapa aduh ibu abdi keueung
rup ku padung rup ku lemah abdi sieun
Anak Adam di kubur teh poék pisan
nu nyaangan di kubur téh maca Qur’an
April 26, 2008 pada 6:50 am
kumaha amalna.
eling…eling…
April 29, 2008 pada 12:46 pm
Nadoman nu sok dibaca oge upami imtihanan…alias samen nya
Baheula jaman keur budak, sok dititah naek panggung ku ajengan maca ieu nadoman. Leres kang Braja?
Mei 7, 2008 pada 7:03 am
salam kanggo sadaya pengurus, warga, alumni Galuh Kiwari, ti Galuh Rahayu Yogya;;;
Juni 23, 2008 pada 2:44 am
PUPUJIAN KANGJENG NABI
Gusti urang sadayana
Kangjeng Nabi anu mulya
Muhammad jenenganana
Arab Qurés nya bangsana
Ibuna Siti Aminah
ramana Sayid Abdullah
dibabarkeuna di Mekah
wengi Senén dinten Gajah
Rabi’ul Awal sasihna
tanggal kaduabelasna
April bulan Maséhina
tanggal kaduapuluhna
Ari bilangan tauna
lima ratus cariosna
tujuh puluh panambihna
sareng sahiji punjulna
Siti Aminah misaur
waktos babarna kacatur
ningal cahya mani ngempur
di bumina hurung mancur
Babar taya kokotoran
orok lir kénging nyepitan
soca lir kénging nyipatan
sarta harum seuseungitan
Keur opat taun yuswana
diberesihan manahna
Nabi dibeulah dadana
Malaikat nu meulahna
Jibril kadua réncangna
Mikail jenenganana
ngeusikeun kana manahna
élmu hikmat sapinuhna
Tuluy dada Kangjeng Nabi
gancang dirapetkeun deui
sarta teu ngaraos nyeri
dilap ku hotaman nabi
Nuju tanggal tujuh likur
bulan Rajab nu kacatur
nurut kaol anu mashur
Kangjeng Nabi téh disaur
Dipapag ku Malaikat
nyandak burok nu kasebat
leumpangna téh cara kilat
tungganganeun Nabi angkat
Ti Mekah ka Bétal Makdis
teu nganggo lami antawis
ku jalma henteu katawis
kersana Gusti nu wacis
Ti Bétal Makdis terasna
naék na tangga kancana
mi’raj téa kasebatna
ka langit Nabi sumpingna
Tujuh langit sadayana
jeung Arasy nu pangluhurna
disumpingan sadayana
katut surga narakana
Kangjeng Nabi ditimbalan
ku Gusti nu sifat Rahman
anjeuna kudu netepan
salat muji ka Pangéran
Kabéh jalma anu iman
sami pada kawajiban
salat nu lima giliran
henteu meunang dikurangan
Salat éta minangkana
dina agama tihangna
jalma nu luput salatna
nyata rubuh agamana
ÉLING-ÉLING DULUR KABÉH
Éling-éling dulur kabéh
ibadah ulah campoléh
beurang peting ulah weléh
bisina kaburu paéh
Sabab urang bakal mati
nyawa dipundut ku Gusti
najan raja nyakrawati
teu bisa nyingkiran pati
Karasana keur sakarat
nyerina kaliwat-liwat
kana ibadah diliwat
tara ngalakukeun solat
Kaduhung liwat kalangkung
tara nyembah ka Yang Agung
sakarat nyeri kalangkung
jasadna teu beunang embung
Juni 26, 2008 pada 8:07 am
Hatur nuhun kintunan na Kang Engkus
Oktober 12, 2008 pada 6:00 am
Aku Punya PR Bahasa Sunda,
Disuruh Cari di INTERNET…
Tentang PUPUJIAN…
Sudah Dapat,Tapi…
Yang GURULAGU-nya e dan o belum dapet…
Boleh Minta Tolong Tidak???
Beritahu Pupujian yang gurulagu-nya e dan o
Tolong Ya…
Oktober 13, 2008 pada 2:29 am
Terima Kasih…
November 15, 2008 pada 4:39 am
nuhun
Februari 2, 2009 pada 3:05 am
menurut abdimah pupujian anak adam teh lumayan sae kanggo nginetkeun yen brudak ayeuna kudu inget ka ajaran islam
Oktober 21, 2009 pada 10:03 pm
abdi izn ngopy pupujian anak adam sareng pupujian kanjeng nabi ,, hatur nuhun nya..
Oktober 23, 2009 pada 2:12 am
Mangga Fir, mugi janten manfaat.
November 3, 2009 pada 6:32 am
thank’s…………
atas pupujianya……….
tpi syangnya hnya sdikit………..
November 4, 2009 pada 12:10 am
Kapayuna ngke ditambihan deui, hatur nuhun sarana.