Arsip untuk Mei, 2008
Rumasa panarimaan
Posted in Arsip dengan kaitan (tags) Galuh, Jati, Puraga, Rumasa on Mei 20, 2008 by galuhkiwariNyepi di leuwina diri.
Tapa di sagara rasa.
Geusan nga balungbung timu.
Jalan gedé sasapuan.
Tapak geusan pangeunteungan.
Ku semu, jembarna rasa.
Galeuh bitung haté kangkung.
Hurung nangtung siang leumpang.
Pangjugjugan, alam caang poé panjang.
Nagara tunjung Sampurna.
R a m p é s…
Cacandran Sumur Bandung
Posted in Arsip dengan kaitan (tags) cacandran, Galuh, sumur bandung on Mei 20, 2008 by galuhkiwariPun… sanghiyang kembang pundak
Seja amit nyilokaning tapak
Nu kungsi leungit teu pendak
Mana horeng talikung lir nu nyangkalak
Dihemengan ku hawa anu teu surti
Dihalangan ku hawa obahna jaman
Dikeukeuweuk ngan ukur ku ngabueuk
Diganggayong ku hawa nu ngabagong
Pun,,, amit ampun nya paralun
Meureun geus meujeuhna wayah
Urang sungsi babarengan ku elingan
Sugan teu bekas nyalahan
Mang pirang-pirang lawasna
Sang dewi purnama sari
Ngalanglang buana suci
Dina sawarsih sakali
Kudu tepung pamuseuran
Pitempaten pangeunteungan
Di poseur parahiangan
Nu kiwari tingal ngaran
Nyarung sum muraga jati
Silokaning banda indung
Nu kasebat sumur bandung
Sumber hurip na papayung
Silokana jala tunda
Pang jaring sukma manusa
Nu ka tunda teu kasaba
Kiwari kudu dibawa
Mun surti urang gumati
Geura buka pintu ati
Ngarumat tempat nu suci
Nu jadi ciciren nagri
Tong ka haling, tong ka harung
Merdekakeun sumur bandung
Nu tutup urang suwaykeun
Nu minding urang sieuhkeun
Hawa ka jembaran rasa
Bakal cunduk ka inyana
Tatapak pangembang pundak
Nya seungit tur bingakit
Kintunan Ki Laras Maya

