Arsip untuk Juli, 2008
Nyirung
Posted in Galuh dengan kaitan (tags) Ciamis, Galuh, Galuh Pakuan, Nyirung on Juli 10, 2008 by galuhkiwariIs, enjing mah cuang nyirung mantang yuk! sugan we menang beutina nu gede.
Serat keur Ki Dulur
Posted in Galih dengan kaitan (tags) Ciamis, Galih, Galuh, serat, sunda on Juli 1, 2008 by galuhkiwariWengi ieu dinten ahad, kuring negrakeun nu jadi kamelang, da bongana dina lalampahan, kuring can bisa ngarumat aranjeun nu saestuna, pisakumahaeun teuing pertanggung jawaban kuring isuk jaganing geto, peuting ieu gerentes, geus wancina, lain kuring teu nyaah tapi bakating ku nyaah, sok bisi ka popohokeun komo nepi ka joledar, hampura kuring, cunduk kana waktu bral miang ki dulur, nya solawat panganteur kuring mugi Alloh ngajadikeun cahaya kamulyaan keur anjeun
sakabeh, geura mulang, mulangna ulah ka sasaha tapi mulang ka sumber sajatina, lebur dina sagaraNa.
Hampura kidulur, bela anjeun ditulis dijero iga-iga, bakti anjeun salila ngalalakon jadi patali batin, lain keur panggero tapi patali nu bisa ngajadikeun kawelas asihan pada-pada urang sakabeh.
Amien Yaa Robbal Alamien.
