Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok, aya cakcak dina huntu, kagok huapkeun we ah
……
Arsip untuk April, 2009
Cikaracak
Posted in Galuh on April 24, 2009 by galuhkiwariLir Ibarat
Posted in Arsip dengan kaitan (tags) Buhun, Ciamis, Galuh, Kabudayaan on April 20, 2009 by galuhkiwariBayi Suci
Asal muasalna misil
Aya cai ngaburial
Wanda munggah ngenclong hejo
Caina canembrang herang
Atra nyacasna ngagenyas
Bakating weninging banyu
Toja padang narawangan
Budak Nalaktak
Merebes teu kendat mili
Teu kaampeuh ku wadahna
Langgeor mimiti ngocor
Katelah jadi wahangan
Lumampah narambahan
Herang kasaput ku kiruh
Perwatek ku pacampeuhan
Atikan Adat
Patani cairngcing singkil
Cai di atur ngocorna
Dipengkong dipungkal pengkol
Supaya benar jalanna
Kanggo nyebor pakaya
Cai letrek kotor kiruh
Wuwuh rosa tanagana
Sawawa-Bebencah
Asal kacampuran tadi
Wuwuh roa wuwuh rosa
Lampahna beuki ngadolos
Heunteu kenging dipegatan
Murugul sakareupna
Teu milihan handap luhurna
Sawawa jadi walungan
Kawuwuh hujan ngarincik
Komo lamun ngecrek pisan
Walungan leber wawanen
Bengkak bengkah babanjiran
Ngaruksak pepelakan
Lembur ancur lembur lebur
Pakaya heunteu kaala
Sakapeung cai ngaleuwi
Ngajumbleng leuleuy ngocorna
Mun nyorang batu tarengtong
Bedas deui tanagana
Sorana menggah nyeah
Komo upami nyurug
Sok ngaguruh handaruan
Cueut kahareup
Lamun cai beuki hilir
Ngocor menggah ngagulidag
Liuh leuleuy ngocor halon
Batu nungtutan teu aya
Sora nyeahna suda
Ka bangawan parantos cunduk
Muhara tempatna buhaya
Caina ngajumbleng cicing
Mayakpak badis talaga
Ka sagara geus meh anjog
Sararungkan laluhia
Ngebatkeun lumampahna
Ngajugjug jugjug ka laut
Ngabedag samudralaya
Asal ti dinya pulang ka dinya
Asal cai ti jaladri
Nyaab miang ngalalana
Keclak caina hujan netes
Burial ti bumi medal
Medal ka panggelaran
Asal tirta kamandanu
Gelar wujud walakaya
Raos ngajentul nunggelis
Horeng dalit jeung ki silah
Sobat medok anu jonghok
Ngadeg dina madhab papat
Gulung pada tibelat
Asal alam awang uwung
Jadina ku kajadian
dicutat: e.parta/tenjolajar/ko,1940
Tugu Kujang di Kampung Naga
Posted in Galuh dengan kaitan (tags) Budaya, Kampung Naga, Kujang Pusaka, Pusaka, Sukapura, Tasikmalaya on April 20, 2009 by galuhkiwariReueus, deudeuh, nyaah:
nyaah na mah, naha bet kudu ngalebur pusaka nu geus aya, komo deui aya leburan tina keris kujang nu di yakini buatan
mpu sarpa sareng mpu anjani, atuh meureun (tapak lacak) nilai sisi sajarahna kalahka leungit, ceuk rarasaan teu kurang-kurang di urang oge nu bisa nyieun kujang tina besi pamor
http://www.pikiran-rakyat.com/prprint.php?mib=beritadetail&id=70284


