Arsip untuk Juli, 2009

Tinggerendeng

Posted in Galih on Juli 21, 2009 by galuhkiwari

nu ting gerendeng,sakapeung nyarek,nguniang nu kasar, ampun paralun ka Yang Agung, kalan-kalan ngalelemu ngupahan sangkan sabar dedeuh teuing leuwina diri…

JatiGede

Posted in Galuh dengan kaitan (tags) , , on Juli 3, 2009 by galuhkiwari

“Cipelang Cikamayangan, Cimanuk marigi deui, Sumedang ngarangrangan, Galunggung ngadeg Tumenggung, Kadipaten Kapapatenan, Cirebon Kabongbodosan”

(DianSandi/kompas/3juli09)

http://www.facebook.com/group.php?gid=43927582880

Dongeng Karuhun (Nu Kapurba)

Posted in Galuh dengan kaitan (tags) on Juli 2, 2009 by galuhkiwari

Isuk-isuk beberes buku, gorehel teh hiji catetan pamasihan kolot, dibukaan, asa kataji ku judul anu diluhur.

Ari hartina Karuhun teh nyaeta anu jadi lantaran ngasalkeun “ayana” Jasmani jeung Geutih (Rohaniah) urang, nyakitu deui Nuruhun (Wujud Anu Maha Suci=Nu Murba) urang geus kasifatan ku Kamurahan jeung Kaasihan AnjeunNa, buktina:
Ruh urang kasifatan ku Iradat (pengersa) nya tuluy boga Kabudayaan
Ruh urang kasifatan ku Ilmu (uninga) nya tuluy  boga Kanyaho
Ruh urang kasifatan ku Hayat (Hirup) nya tuluy boga Hurip
Ruh urang kasifatan ku Sama (Ngarungu) nya tuluy boga Ngadenge
Ruh urang kasifatan ku Basar (Ningali) nya tuluy boga Nenjo
Ruh urang kasifatan ku Kalam (Ngandika) nya tuluy boga Ngucap

Naha hiji bangsa bae anu ngabogaan Jas-Mani jeung Ruh anu kasifatan ku Kamurahan jeung Kaasihan Nu-Ruhun teh?

Tos heula ah… panjang keneh…

genah

Posted in Galeuh on Juli 1, 2009 by galuhkiwari

“Kang puntennya ngarerepot, kumaha atuh akang emam! terus pakean teu aya nu nyeuseuhan.” kitu sms na teh.

…Ah sawios atuh da salira teh teu kamamana, akang emam tinggal am, ngadamel heula, ngaliwet-liwet wae mah bisa atuh, nyeuseuhan da ti leuleutik oge osok, tong hariwang, nu penting Nyai bingah, liburan jeung barudak sakalian ngalongok si Teteh. …Aya ku genah, genah merenah tumaninah ari ku ridho mah….

Geus di rarancang arek ngagambar, atawa ngke katempat anu biasa, uhuyyyy…..