Arsip untuk Arsip kategori

Lingga Buana

Posted in Arsip dengan kaitan (tags) , on Desember 1, 2009 by galuhkiwari

Kula geus ngaduga,
Citra bakal kajantenan kieu
nu disebut rusiah,
bakal jadi padegdogan
ieu hayang ngarasa bener
itu hayang ngarasa bener
keun we ukur SangHyang nu ngabenerkeun
nu hirup ukur ngaduga, tapi Kula anu ngalamanana mah
tapi maneh uluh cucur cipanon
hiji waktu urang caritakeun deui
kanu sanggup nepungan Kula
lain hayang maseakeun nu jadi turunan
justru pasti aya nu leuwih ti leuwih
da ari urang mah geus euweuh
ari anu disebut beda teh sakapanggihna
keun we anu ngabenerkeun mah
iwal ti SangHyang…

dicutat:ujunggaluh

Sugan Kaparengken dijeun

Posted in Arsip dengan kaitan (tags) , on September 30, 2009 by galuhkiwari

Desain Kanggo Kaos

batikkujang

Ka Ha De

Posted in Arsip dengan kaitan (tags) , , , on Mei 14, 2009 by galuhkiwari

“Hadé tapi Kahadé”
Hirup geus ti di tuna.
Bongan tuna sagalana
Hirup nu ku kersana
Keur nusana
Hirup nu ku karsana
Keur nu karasana
Nu sasawa, nu sahudara
Nu sada, nu sadara
Nuhu, nu tuhu

Ku Dia Hyang, hirup geus ti di tuna, asal tuna sagalana, ka usikan, ka obahan, ka wasaan tur ka basaan, (Hirup lain ka hayang, tapi ka hyangan, ku pasti Na  (kersa Abdi, karsa Gusti).

(puraga jati)

Lir Ibarat

Posted in Arsip dengan kaitan (tags) , , , on April 20, 2009 by galuhkiwari

Bayi Suci

Asal muasalna misil
Aya cai ngaburial
Wanda munggah ngenclong hejo
Caina canembrang herang
Atra nyacasna ngagenyas
Bakating weninging banyu
Toja padang narawangan

Budak Nalaktak

Merebes teu kendat mili
Teu kaampeuh ku wadahna
Langgeor mimiti ngocor
Katelah jadi wahangan
Lumampah narambahan
Herang kasaput ku kiruh
Perwatek ku pacampeuhan

Atikan Adat

Patani cairngcing singkil
Cai di atur ngocorna
Dipengkong dipungkal pengkol
Supaya benar jalanna
Kanggo nyebor pakaya
Cai letrek kotor kiruh
Wuwuh rosa tanagana

Sawawa-Bebencah

Asal kacampuran tadi
Wuwuh roa wuwuh rosa
Lampahna beuki ngadolos
Heunteu kenging dipegatan
Murugul sakareupna
Teu milihan handap luhurna
Sawawa jadi walungan

Kawuwuh hujan ngarincik
Komo lamun ngecrek pisan
Walungan leber wawanen
Bengkak bengkah babanjiran
Ngaruksak pepelakan
Lembur ancur lembur lebur
Pakaya heunteu kaala

Sakapeung cai ngaleuwi
Ngajumbleng leuleuy ngocorna
Mun nyorang batu tarengtong
Bedas deui tanagana
Sorana menggah nyeah
Komo upami nyurug
Sok ngaguruh handaruan

Cueut kahareup

Lamun cai beuki hilir
Ngocor menggah ngagulidag
Liuh leuleuy ngocor halon
Batu nungtutan teu aya
Sora nyeahna suda
Ka bangawan parantos cunduk
Muhara tempatna buhaya

Caina ngajumbleng cicing
Mayakpak badis talaga
Ka sagara geus meh anjog
Sararungkan laluhia
Ngebatkeun lumampahna
Ngajugjug jugjug ka laut
Ngabedag samudralaya

Asal ti dinya pulang ka dinya

Asal cai ti jaladri
Nyaab miang ngalalana
Keclak caina hujan netes
Burial ti bumi medal
Medal ka panggelaran
Asal tirta kamandanu
Gelar wujud walakaya

Raos ngajentul nunggelis
Horeng dalit jeung ki silah
Sobat medok anu jonghok
Ngadeg dina madhab papat
Gulung pada tibelat
Asal alam awang uwung
Jadina ku kajadian

dicutat: e.parta/tenjolajar/ko,1940

Aji-Ning Rasa

Posted in Arsip dengan kaitan (tags) , , , , on Maret 13, 2009 by galuhkiwari

Niat kuring aji-ning rasa.
Rasa goib titipan nu Maha Tunggal.
Tunggal sarasa, tunggal sa-pangawasa,
Jalan  nu rahayu mapag alam kabagjaan,
Eunteungeun  diri pribadi.
Basa mah gambaran rasa. Budi mah gambaran ati.
Ngancik’na raga salira.
Dina batin anu sidik, anu tara daek nga-bohong, jeung di bohongan.
Jaga diri ati-ati.  Pinasti hirup taliti
Dumugi mapagna pati.
Hirup pasti  ku, cageur Na, ku bageur’Na ku bener’Na.
Sing taat ka pamarentah.
Repeh rapih, beres roes, tur akur reujeung sasama.
Mahluk nu sugih hartina, beunghar harta, salamet hirup kumbuhna.
Amjalu papadang ati.
Awaking bujang ka sakti.
Bisa maca bisa ngaji.
Ngajina na tungtung ati.
Macana na tungtung rasa.
Nu hurung dina jajantung.
Nu herangna, di kalilipa.
Hurung tanding damar hurung.
Siang tanding damar herang.
Anu hurungna, kurungan.
Nu herangna, eusi rasa.
Kadi bulan, kadi sarangéngé ngahing medal.
Remet ménténg dina angen.
Anu ngilo dina tikoro.
Nu ngintip dina lalangit.
Buka ini buka rohani.
Buka sintung, bukakeun gedongan ati.
Pang mukakeun cahaya ti anu maha kawasa.
Supaya kapanggih bukti.

Nu puguh diri sajati.
Kudu nyata ceuk tuduhna.
Bray cahaya, bray cahaya.
Cahaya anu kawasa.

Ka anu nyepeng  dinten tujuh dawuh lima.
Pager duawelas.
Kasaderek anu opat, kalmia pancer salira.
Ka saderek anu medal,
Ka sederek nu teu medal.
Ti putra anu medal.
Ti putra anu teu medal.
Guru lahir, guru batin.
ti guru sidik. Ti guru permana.
Ti nu ngukur tangtung,
Ti nu kagungan rahayu.
Ti nu kagungan darajat.
Ti anu ngandung.
Ti anu ngayuga.
Ti luhur anu mayungan.
Ka handap anu nganparan.
Ti gigir anu ngajaring.
Ti tukang anu ngagiring.
Ti hareup anu nampian.

Aki sakti, Nini sakti. Nu nunggu di birit leuit.
Ibu ratu, Rama Agung. Nu ngaping geusan nyalindung.
Nu calik Di pasir layung. Nu geulis putri rengganis.
Nu ngancik di pasir panggung. Nu kasep kang Kamajaya

Gunung purba, panungkeban Para-Hu-na
Nu nyalungkran pasir asih, nu ngabinih.
Pa-gelaran alam kandung asih indung.
Pa- ngawit-an  pangrungruman tuturunan.

Bukti Tunggul,
Nya muga, tunggul  anu ngarahayu, ti sunan ambu.
Nya muga, tangkal anu ngadarajat, ti sunan rama.
Turun pulung ka Galuh agung.
Galuh geusan di nyalindung.
Mangsa di bentaran gelap
Gunung gelap reureuh mijah,
Ku aji ning halimunan,
Di sieuman ku handeuleum.
Di caangan ku hanjuang.
Meleberna p lo sari, ning mangari.
Pangrungruman  menak ti gunung haruman.
Gunung geulis, ci ibun anu ngareumis,

Papandayan, ngukir tangtung ku tulisan.
 
Ka para Hyang nu suci.
Nu mancer cahyaning Gusti.
Nu Murba, anu wisesa.
Nu Agung anu maha’na.
Anu kersa anu karsa.
Nu ngersakeun nu ngarsakeun.

Tabé Pun ahung nya ahung.
Amit sun hampura ingsun.
Nya paralun, seja ulun
Kapara luluhung agung.
Nu ka agungan ku pangagung.
Nu ngadeg di nuwung-uwung.
Nu ngadeg di awang- awang.
Anu sirna di mandala panta panta.

1.Di Mandala  Méga Manggul
2.Di Mandala  Méga Malang.
3.Di Mandala  Méga Beureum.
4.Di Mandala  Méga Si karembangan.
5.Di Mandala  Méga Si kareumbingan.
6.Di Mandala  Méga Si antrawela.
7.Di Mandala Pa-Guruh, Pa-Guntur, Patapan Guntur.
8.Di Mandala  Bumi suci kerepek séah.
9.Di Mandala  Bumi Beureum.
10.Di Mandala  Bumi Hideung.
11.Di Mandala  Bumi Héjo.
12.Di Mandala  Bumi Konéng.
13.Di Mandala  Bumi Hawuk.
14.Di Mandala  Bumi Putih.
15.Di Mandala  Bumi Céngcéréngan.
16.Di Mandala Bumi Sanghyang Sorong Kancana.
17.Di Mandala  Bumi Sang Hyang Ribut.
18.Di Mandala  Bumi Suci  Alam padang.

Galura bakti ,ka luluhur
Ka -Papara karuhun urang sakabéh.
Urang mimitian ku surat anu biasa.
Nu ilahar di paraké jampé.
Tibaheula nu jadi tari paranti.

Pun sampun ka sang roh Pun.
Ka handap ka sang Batara.
Ka luhur ka sang Batari.
Batara raga salira, Batari batin nu sidik.
Anu ngancik dina ati sanubari séwang-séwang.
Anu tara ngabohong jeung di bohongan.

Ka Batara Sunan Rama.
Ka Batari Sunan Ambu.
Karadén caang gumelar, cahaya sakti.
Ka nyimas gumilang seblak.
Seja nyanggakeun pangbakti.
Sapulukaneun.
Tik bul ning menyan kaula
Cahaya beurum kanyataan na amarah.
Tik  bul ning menyan kaula.
Cahaya putih loamah
Tik bul ning menyan kaula.
Cahayana sawi yah.
Tik bul ning menyan kaula.
Cahaya na mut ma inah.
Seja mundut ka emban, kanu geulis.
Ka iringkeun kunu kasép.
Nu geulis Sri Sayana.
Nu kasép Bujang Sarana.
Nya ieu ibu jeung rama.
Pang dugikeun ka anu maha Kawasa.
Kukuh kula-kukuh puji.
Kukus dangdayang mantra.
Dangdayang turus na wati.
Turusna karang Pohaci.

Pang maratkeun, ka-sang Hyang Pangéran Parat Nga-haturan pangabakti.
Sapulukaneun ka sadaya para luluhur.
Karuhun karuhun suci.

Anu ti kalér, sa kalér
Anu ti kidul,  sa kidul
Anu ti kulon, sa kulon.
Anu  ti wétan, sa wétan.
Jisim kuring sadayana.
Neda bagja, neda hidayah, neda mangpaat.
Neda maunat, neda caang. Neda padang, narawangan.
Neda salamet, neda barokah..
Kum teu badé di wiji-wiji.
Dunga-na para kasepuhan sadayana.
Anu masih kénéh gelar di alam hirup.
Kikisik lambak sagara.
Ulah ungut ka linduhan.
Ulah gedag ka anginan.
Di siuk ku ibu, di bauran.
Di cokot nya di émbohan.
Nya di bawa, di tambahan.
Si nyimas nama ning sari.
Geura tah mayang larangan.
Geura hudang,geura tanghi.
Di hudangkeun kunu lenjang
Di tanghikeun  kunu geulis.

Cag………Rampés.

Ki Laras Maya Poerba Sasaka