Arsip untuk Galeuh kategori

genah

Posted in Galeuh on Juli 1, 2009 by galuhkiwari

“Kang puntennya ngarerepot, kumaha atuh akang emam! terus pakean teu aya nu nyeuseuhan.” kitu sms na teh.

…Ah sawios atuh da salira teh teu kamamana, akang emam tinggal am, ngadamel heula, ngaliwet-liwet wae mah bisa atuh, nyeuseuhan da ti leuleutik oge osok, tong hariwang, nu penting Nyai bingah, liburan jeung barudak sakalian ngalongok si Teteh. …Aya ku genah, genah merenah tumaninah ari ku ridho mah….

Geus di rarancang arek ngagambar, atawa ngke katempat anu biasa, uhuyyyy…..

Titik

Posted in Galeuh on April 8, 2009 by galuhkiwari

titik

Nadoman, Pupujian

Posted in Galeuh dengan kaitan (tags) , , on April 26, 2008 by galuhkiwari

Emut keur leutik, memeh maghrib sok aya pupujian, matak nineung, ari eusi pupujian na teh kieu:

ANAK ADAM

Anak Adam anjeun di dunya ngumbara
umur anjeun di dunya téh moal lila

Anak Adam umur anjeun téh ngurangan
saban poé saban peuting dicontangan

Anak Adam paéh anjeun téh nyorangan
cul anak cul salaki jeung babandaan

Anak Adam paéh euweuh nu dibawa
ngan asiwung jeung boéh anu dibawa

Anak Adam pasaran téh lolongséran
saban poé saban peuting gegeroan

Anak Adam anjeun kaluar ti imah
digarotong dina pasaran tugenah

Aduh bapa aduh ibu abdi keueung
rup ku padung rup ku lemah abdi sieun

Anak Adam di kubur teh poék pisan
nu nyaangan di kubur téh maca Qur’an

Gugupay

Posted in Galeuh dengan kaitan (tags) , , , on Maret 28, 2008 by galuhkiwari

Bapa,,, Bapa.. Bapaaaa, bade kamana??!!, rawah-riwih lulumpatan nuturkeun bari gugupay.

Deudeuh teuing, sakedap anaking, Bapa moal lami mung bade nganjang.

Beuki jauh, ngambah… duh pamandangan endah, sarwa bersih.

“Paaaa, Bapaaaa”
“Naha bet kedah nangis Anaking??” gerentes.

Lebah Gapura, eureun nyanghunjar nitenan sabudereunana. Nu nyalukan masih ngelak pikawatireun.

” Muhun anaking Bapa Mulih”. Dirangkul ku ka deudeuh, ulah salempang anaking.

Narima

Posted in Galeuh dengan kaitan (tags) , , on Maret 27, 2008 by galuhkiwari

Asa teu tarima, digulang gaper saban inget, dirumatan dina rasa kaendahan nepikeun kuring ngarasa merod, ajrih basa anjeun dipenta ngalanglang, kuring nu sakieu kaayaanana, kari-kari ayeuna anjeun hayang milu! kuring nu salah can bisa maca kahayang andika dina sajatina!.

Ngagedurna rasa, lir seuneu ngabeubeula, rineh, rineh,rineh. Enya! kudu jembar, hampura kuring dina kabodoan, jug geura nyiar, kahayang kuring sarua jeung kahayang anjeun. Kuring ngan saukur boga waruga, pamenta kuring sing inget kana pangbalikan sabab kuring pasti ngarasa sono, sono alatan patali batin. Bral miang dianteur ku jembar. Allohuma Sholli Ala Muhammad wa Ali Muhammad.