Arsip untuk Galih kategori

Mapag Ramadhan

Posted in Galih dengan kaitan (tags) on Agustus 20, 2009 by galuhkiwari

Bismillahirohmanirohim

Wilujeng sumping Ramadhan, Galindeng mawa tingtrim, haliwirna mawa wawangi, mugi clik putih clak herang seja pangabakti, nun Gusti Pangeran abdi sadaya, paparinan kakiatan lahir sinareng batin kanggo ngalakonana. Amien

Hapunten ka dulur-dulur, ti luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal, silih lubarkeun tina kalepatan anu karaos sareng teu karaos.

Tinggerendeng

Posted in Galih on Juli 21, 2009 by galuhkiwari

nu ting gerendeng,sakapeung nyarek,nguniang nu kasar, ampun paralun ka Yang Agung, kalan-kalan ngalelemu ngupahan sangkan sabar dedeuh teuing leuwina diri…

Hariring Pangeling

Posted in Galih on Juni 10, 2009 by galuhkiwari

Kungsi hariringan, mipir gawir mapay wahangan, nincak talapakan. Ceuk kolot, patilasan…patapaan sepuh baheula, ngawening pikir ngolah rasa muji syukur ka Yang Agung. Kuring darmawisata, ngahenang ngehening, marakpak endah ku MaHaNa. Hiliwirna angin mawa beja…

Kembang

Posted in Galih dengan kaitan (tags) on April 7, 2009 by galuhkiwari

kembang

Serat keur Ki Dulur

Posted in Galih dengan kaitan (tags) , , , , on Juli 1, 2008 by galuhkiwari

Wengi ieu dinten ahad, kuring negrakeun nu jadi kamelang, da bongana dina lalampahan, kuring can bisa ngarumat aranjeun nu saestuna, pisakumahaeun teuing pertanggung jawaban kuring isuk jaganing geto, peuting ieu gerentes, geus wancina, lain kuring teu nyaah tapi bakating ku nyaah, sok bisi ka popohokeun komo nepi ka joledar, hampura kuring, cunduk kana waktu bral miang ki dulur, nya solawat panganteur kuring mugi Alloh ngajadikeun cahaya kamulyaan keur anjeun
sakabeh, geura mulang, mulangna ulah ka sasaha tapi mulang ka sumber sajatina, lebur dina sagaraNa.

Hampura kidulur, bela anjeun ditulis dijero iga-iga, bakti anjeun salila ngalalakon jadi patali batin, lain keur panggero tapi patali nu bisa ngajadikeun kawelas asihan pada-pada urang sakabeh.

Amien Yaa Robbal Alamien.