Wallpaper Kujang 1

Awalna awahing ku kataji hasil karya kolot baheula, salah sahijina mangrupakeun Kujang (Kujang Pusaka, KudiHyang).  Sok sanajan teu pati apal nu jadi silokana, jorojoy weh bet aya ide hayang nyieun, mimitina curat-coret, terus di rarapih ngangge CorelDRAW sareng Adobe Photoshop, nya sakieu buktosna nu aya di handap ieu, mangga bae ka baraya sadaya nu bade ngunduh teu kenging asa-asa, etang-etang abdi ngiring ngamumule, atawa pangemut nu jadi ciri bagian tina kabudayaan nu aya di Tatar Sunda.

Kujang Urang

Wallpaper Kujang 1

kujangpuraga

Kujang Raksa

kujangkundang

kujangkarsagada

kujangpasundan1

Kujang Tombak Cupu

galuhkiwari1


45 Tanggapan ke “Wallpaper Kujang 1”

  1. Duh sarae kitu eta wallpaperna gambar kujang, Ngiring Ngunduh kang. Manawi kagungan anu sanesna diantos.
    nhn

  2. galuhkiwari Berkata

    Tangtos aya, Insya Alloh di download mung punten upami lami resolusi gambarna ku abdi di ageungan.

  3. Sampurasun,
    hatur nuhun gambar na sae pisan
    kenging di donglod nya
    Hatur nuhun
    Rampes,

  4. hatur nuhun nggih, kulo unduh

  5. Maman Gantra Berkata

    Kang,

    Wallpaperna sae pisan. Abdi kenging nyuhunkeun, nya? Urang pasangkeun dina blog atanapi gorup facebook?

    Nuhun,

    Maman Gantra

  6. Ahmad Dimyati Berkata

    Wilujeng…….Sae pisan karya kreatifna. Bade nga-download ah kanggo hiasan dina screen saver sareng dina bahan slide presentasi. Tos aya nu nganggo kangge motif batik? Cobi tawiskeun ka perancang batik, tangtos tias dikomersialkeun panginten. Wilujeng sakali deui.

  7. imajinasi anu kiat kaluar tina jiwa anu kiat, ngabelesat kaluar tina paradigma anu standar. Wilujeng ngambah alam tanpa wates..! Punten, abdi ge nyimpen file gambar sadayana, mangga teraskeun engke ku abdi didownload deui he, he, he…

    wassalam
    dudi_ss

  8. Sae pisan kang, ngiringan ngadonlot…

  9. Kang, foto2 na dicolong ku kuring. Dipasang di milis nya? :) )
    Nuhun ah!

  10. Wahhhhh… edun euy…!!! Hade pisan gambarna…!!
    Moal seueur carios deui, langsung diunduh ku abdi… :D
    Hatur nuhun kang…!! Diantos kreasi sanesna…

  11. abi bade ngiringan ngadongdot… eh ngadonlod nya..
    Hatur nuhun kang…

  12. wow keren….meuni sae pisan eta wallpaper…nyuhunkeun widhi tah bade ngadownload…sok atuh nu sanesna diantos…

  13. pak, nyedoooooooooot

  14. Wilujeng kang.

    Gambar kujangna sae pisan.

    Akang terang teu dimana tiasa meser kujang nu sae keur koleksi?

    Hatur nuhun sateuacanna.

  15. aduh kang, ninggal eta nu di luhur jadi langkung nyaah ka kasenian sunda

  16. aduh kang, ninggal eta nu di luhur jadi langkung nyaah ka kasenian sunda

  17. ngiring ngunduh kaleresan abdi teh milarian gambar kujang

  18. Salam kenal ah kanggo Akang,

    Alhamdulillah ku nembe ningal gambar na ge abdi reueus, gening seueur model kujang teh nya abdi nembe uninga, ngiring ngunduh nya kang kanggo koleksi.
    upami tiasa mah corak-corak/motif batik nu aya di jawa barat ge ditampilkeun atuh kang.

  19. budak kampung Berkata

    ass.wr.wb. Simabdi nyuhunkeun ijin ka salira sing ridho manah jembar hate, mugia ngijinan kumargi abdi bade ngopi ieu walpaper. Duh meni sarae pisan gambarna. Haturnuhun pisan. Salam :-)

  20. Sampurasun……….
    Sae pisan situs sepertos kieu teh, etang-etang miara budaya sunda.

    Hatur nuhun.

  21. langitbiru Berkata

    Woooowwww …. amazing ….

  22. hatur nuhun pisan kang wall na, mudah2an aya hibar bagja sadayana…!

  23. Alhamdulillah gening aya keneh nu ngamumule budaya karuhun urg..muga2 wae cing tetep lestari budaya sunda teh..nyuhunkeun yeuh gambarna kang..nuhun..

  24. ass.kang, dimana alamat na? kirim balesan ke Robbyrisbandi@yahoo.com
    diantos

  25. punten, bade ngring ngagunduh
    lestarikeun budaya sunda
    hatur nuhun sateuacannan

  26. Agus Wahyu Berkata

    Sampurasun…
    Mani asa muriding ningali wallpaper anu sakitu saena sapertos aya rohna. Nuhun Gusti!… Geuning masih aya urang sunda anu ngamumule kabudayaan karuhuna… Punten Kang abdi nyuhunken gambarna, teu hilap nyuhunkeun alamat Engkang sakantenan.

    • Rampes Kang Agus, hatur nuhun kana apresiasina Akang perkawis wallpaper Kujang, atuh upami hoyong alamat abdi, ku abdi dikintun ka mail Kang Agus. Salam pangwanoh ti abdi.

  27. ur4ngsunda Berkata

    Sampurasun…
    Sararae pisan gambarna…
    bade tumaros… kumaha lamun gambar2 ieu teh di jantenkeun gambar dina kaos, janten oleh2 ti tatar sunda…
    Tos aya rencana ngadamel kaos tapi gambarna teh senjata2 tradisional indonesia…
    Hatur nuhun…

    • Rampes, upami rencana mah tos aya Kang, samalah desaina mah tos didamelan mung dipeuyeum keneh, nyakitu tea teu acan aya cicisna kanggo modal :) . Hatur nuhun parantos linggih di Galuhkiwari.

  28. Neraskeun, Kang nyuhunkeun ka iklasnana wireh salah sawios gambar diluhur ku abdi sareng wargi sunda di Samarinda dipasang dina background panggung, umbul-umbul, spanduk, uleman dina raraga “Pagelaran Apresiasi Seni Budaya Sunda” kaping 15 Agustus 2009. Pagelaran ieu diniatkeun kanggo ngangkat ajen budaya Sunda di Kaltim, ngaraketkeun duduluran diantawis urang sunda didieu oge sareng seler sejen da sakumna organisasi/paguyuban etnis anu aya di Samarinda di ulem sadaya. Ari anu bade tampil nyaeta: anu utami Samba Sunda, dibuka ku degung ti Paguyuban Wargi Sunda LNG Badak Bontang, panyelang Calung ti Wargi Sunda Balikpapan plus bobodoran….
    Sakitu kapihatur, mugia Alloh males kasaeaan Akang lakung sae tur ageung.

  29. Mangga Kang Dudi teu sawios-wios, hatur nuhun ku apresiasina oge, mugi acarana lancar-lancar. Rahayu kanggo sadayana. Amien

  30. Kiki M Hakim Berkata

    Sampurasun, kidulur. Ngiring ngunduh nya. Duh meni hoyong pisan kagungan abi mah.

  31. ass pak,,anu ka 2 ti luhur sae pisan,,hehehhe

  32. Pram hatake Berkata

    bagusss banget wallpaper kujangnya saya memang tidak bisa bahasa sunda tapi saya sangat cinta dengan senjata kujang. bentuknya futuristik……Maju Kujang Siliwangi

  33. Meuni sarae kitu geuning…….gambarna ,ngring ngunduh kang penting kanggo jati diri urang sunda…….anu menurut caritamah patilasan Atlantis.

Tinggalkan Balasan