Parabot 1

Mangrupikeun salah sahiji karya adiluhung titinggal kolot baheula nu jadi ciri luhungna kabudayaan nu aya di urang. Lumayan itung-itung koleksi keur mah eukeur reuseup kana paparabotan. Panambihna mah nu unik, eta ge nu nitip, diperenahkeun we ambeh sa ayana.

Kujang Bolong Lima Kujang Bolong Lima Pamor

Paku Bumi Peso

Keris Luk 5 cacing kandil

Batu Kepongpong

Gambar 1: Kujang, Gambar2: Pamor Kujang, Gambar3: Paku Bumi, Gambar4: Peso Paraji, Gambar 5: Pamor Keris Luk 5, Gambar6: Cacing Kandil, Gambar7: Teuing Batu Naon, Gambar8: Kepongpong

37 Tanggapan ke “Parabot 1”

  1. aralus uy…khusus na kepongpong jeung cacing kendil, jadi hayang ningali, syukur2 bisa boga..he.he.he.

  2. galuhkiwari Berkata

    Mangga diantos dirorompok

  3. Blog Pak Braja Keren. Banyak amat koleksi kerisnya bisa diadu sama koleksi Samurainya mas Amir dong :P

    BTW, huwaaaaaa nggak ngerti, nggak ada subtitle Indonesianya …

  4. galuhkiwari Berkata

    Hatur Nuhun Kang Rayyan, Subtilenya, Ini adalah salah satu hasil karya budaya dari berbagai jenis kebudayaan yang ada di Indonesia.

  5. Subtitle teh artina, terjemahan bahasa Indonesia :P

  6. nu penting keur pribados nyaeta : 1. Paku Bumi, 2. Anti tembak (Kepompong). Mangga bilih bade dihibahkeun pribados siap nampungna… heuheuheuheu…!

  7. meuni sararae kitu ngagaduhan pakakas eta sok hoyong nyagap peso , sareng kujang bolong pamor lima,

  8. galuhkiwari Berkata

    Peso mah tos dipasihkeun Kus, muhun ngke upami pendak ku abdi di candak.

  9. Sampurasun…
    Kumaha damang kang braja..??, Simkuring katarik pisan ku koleksi2na kang braja, upami diwidian simkuring hyng ningalan langsung ka bumi kang braja. kinten2 tiasa teu..? kang braja linggih dimana..?
    Nuhun

  10. Punteun yeuh ngiring ngalangkung simkuring
    dupi eta kepompong teh kangge naon kitu?

  11. galuhkiwari Berkata

    Hatur nuhun Teh Lilis tos linggih, perkawis kepongpong duh hapunten pisan eta mah mung hiasan Teh.

  12. oooh heheh manawi teh naon w :D

    Nuhun ah

  13. Aduh mani saraenya kolelsina, seur pakarang ti patilasan Sumedang Larang. Abdi nuju milarian kujang leutik semu koneng, kinten na pernah ninggal teu Kang, tos lami ngalengitna ti sim kuring teh.

    Hatus nuhun

  14. galuhkiwari Berkata

    Aya oge kujang koneng, ornamen na teh jiga gapura mun teu lepat mah, bolongna tilu, mung nu kanan na wungkul da sakedahna mah sajodo. ngke ku abdi di pasang.

  15. walah, nuhun pisan, sejarna tek kumaha tiasa ngagaduhan koleksi nu sarae teh

  16. galuhkiwari Berkata

    saleresna mah bakat ku resep janten milarian kanu garaduheun, biasa we di olo karidhoana sareng digentosan kanggo meser rokok-rokok wae mah :) .

  17. Dede Leuit Berkata

    punten kang, kangge ngamumule budaya urang abdi gaduh cita2 hoyong ngical kujang2 di toko (nu biasa2 wae teu aya isina) kinten2 dimananya tempat tk ngadamel kujang..nuhun infona

  18. cobi kintun mail ka nurapratama@yahoo.com Kang Dede, manawi anjeuna tiasa masihan bongbolongan. Hatur nuhun parantos linggih.

  19. kanggo conto model sareng bentuk tiasa ditingalan di http://www.kujangpamor.com, atanapi tiasa ngahubungi simkuring langsung di 022-70449612

    hatur Nuhun

  20. Dede Leuit Berkata

    Nuhun kang, bade dicobi ngahub nurapratama@yahoo.com

  21. Dede Leuit Berkata

    nuhun oge ka kang “gerenteshate”

  22. cwe lollipop Berkata

    pak kris ya ko mirip kepongpong

  23. Sal;am baktos ka sadaya dulur, sewuputu munajat ka Allah Nu Maha Kuasa, nyaeta kengin/diwarisken ku Karuhun, tah sim kuring teh pawaris anu ka 5 (generasi ka lima) , nyaeta diwarisken pusaka pusaka : Buli buli, paku bumi, tali roma, kayu kaboa (akarnya), kantong macan, keris (watang kerisna ical /goib ). Tah sim kuring parantos nampi sadayana. Cing nyuhunkeun pencerahan/ terawang kana eta pusaka sim kuring. Sugan we pusaka eta teh aya faedahna kana diri pribados, Kana kasean dulur sadaya ngahaturkeun rebu nuhun, wassalam wwb. Salam baktos

    • Hapunten pisan Kang Suryadi, upami perkawis eta mah abdi taluk :) teu tiasa.

    • sampurasun…
      manawi bahan ka tampi….
      buli – buli upami sajodo eta paranti kinasihan sanes asihan
      Paku bumi kanggo pageur sareng kakuatan nu tos nyampak dina diri
      tali roma atekna kanu perkawis pa usahaan
      kayu kaboa rerencangan urang ti pakidulan
      kantong macan angkat – angkatan sangkan gancang
      keris gagangna aya di huluwotan walungan si jala tuna

      eta numunkeun sangkala molongo abdi.
      duka eunya duka sanes….
      cag….

  24. Mau Tanya, benda2 tsb punya khodam yg bisa membantu / merusak
    alam pikir manusia?? soalnya saya juga punya benda2 tsb berikut khodam2nya yg bisa komunikasi dgn saya pesan saya:Omat ! jgn sambarangan memiliki benda2 tsb.

    • untuk masalah khodam saya ndak tahu Bu Evi, karena saya sih melihatnya dari sisi kesenian, bentuk, dapur ama pamor. Makasih Bu Evi dah mampir, barangkali nanti ada temen-teman yang lain bisa ngasih masukan.

  25. asa ka tajiku parobat na mah.
    eta teh pamasihan,atanapi kengeng lakon gawe

  26. Salam kenal wae ka sadayana,!! Abdi bade tumaros perkawis kopongpong saurna pangaosna tiasa dugika 5 milyar dupi eta leres teu?

    • galuhkiwari Berkata

      Ups duka perkawis eta mah Kang Din, abdi mah teu acan terang, atuh upami sakitu mah abdi tereh gaduh bimbim hehehe, Kang Didin mah ngabibita abdi lah :)

  27. leres kang abdi milari nyalira aya dina internet cobian pilari dina searc engina kepompong emas, ke aya ti indonetwork nami CV na ANTIK PRADANA anjeuna nawiskeun 5m kanggo kepompong emas teh. saurna eta kepompong teh tiasa anti cukur, abdi tertarik kana ieu perkawis kumargi abdi gaduh nyalira. tapi di cobian teh teu anti cukur, upami nu kagungan akang kumaha?

  28. H.Budi Suryadi Berkata

    Sampurasun Kang Chandra, Alhamdulillah sadaya parabot teh tos kauninga ku sim kuring perwatekannna. sim kuring ge alim disebat sepertos monyet ngagugulung kalapa, tah kukituna lir abdi tataros ka jalmi pinter, ustad, ajengan parihal parabot teh, ayeuna parantos lengkap sadaya termasuk keris nu ical (besi kuning luk 9 ), sareng khodamna kantong macan yen disampurnakan ku ajengan, prinsip sim kuring mah ngan ngalestarikeun parabot ti nini buyut. Tah kukituna sim kuring tangtos ngagunakeun eta teh tetep ngagunakeun kalimah ayat2 ti Allah SWT. Sakatenan kapayunan sim kuring kanggo diskusi/ ngawangkong bade nyuhunkeun no. hp atanapi email kang chandra. Hatur nuhun kana kasaeaanna. Wasalam

  29. ipah latipah Berkata

    asslmalaikm……….pntn ngrng ngaramekeun,,perkaws barang2 anu dluhr nembe naon wae kaistimewaana?nuhun

  30. Waalaikumsalam Teh Ipah, eu dupi kaistimewaana mah panginten aya ajen sejarahna sareng utamina mah kesenianna anu ngadamelna meni leukleuk :) . Hatur nuhun parantos linggih.

  31. iblmkkkkkjhkhfgjhlpu

  32. Assalamualaikum punten upami bade tumaros mung buli buli teh pertos kumaha saurna sajodo teras kagunaanna kanggo naun ..Punten ah capetang nyuhunkeun bantosan na wae..Hatur nuhun sateuacan.

    • Waalaikumsalam. anu kantos abdi gaduh mah nu disebat bulu-buli teh bentukna saperti kendi alit, aya nu kembang 3 handapna gambar oray. Ari manfaatna mah, saurna ieu mah kanggo asihan.

Tinggalkan Balasan