Usik sajero ning cicing
Obah sajeroning dada
Usikna , maranti diri
Obah na maranti rasa
Nu nganteur ka lemah sungka
Nyangkaruk geusan ka-puluk
Pasir liuh peupeuntasan
Ajrih ning rasa panggalih
Milih rabi minda rasa
Rabi na ka sang gumati
Rasa na sang guruh minda
Guru na weruh pituduh
Japa na Aji ning diri, geusan mi- diri
Japa na Aji ning rasa, geusan mi-rasa
Japa na Aji ning harti,geusan ngarti
Japa na Aji ning kersa, geusan ngersa
Nyumput buni nembrak caang
Buni soteh niat ati, anu suci
Nembrak caang, ku laku lampah nu nyata
Nu di teundeun di handeuleumkeun
Geusan paneuleuman nana
Nu di tunda dina Hanjuang
Geusan diri nga-daya juang
nya hamo luntur ku waktu
Kapan tapak dina tindak
Kapan galur dina catur
Mun di teang tangtu panggih
Mun di penta tangtu mikeun
Nya hamo laas ku jaman
Pasti-na bakal ka pangggih
Mangrupa balungbung timu
Sabab jangji nu bihari
Hamo nya sulaya pikir
Anu misti, anu musti, tandes
diri nu nyakseni
Geus natrat tulisan-Na
Mo sulaya, ka jangjina
Teges netes tur tetela
Nya diri suratannana
nya alam tulisan-na-na
Kitab-na jagat buana
Moal luntur ku mangsi-na
Moal soek daluang-na
Baca-eun sa tungtung umur
Nya hate kudu rancage
Teges netes tur tetela
Nya diri suratannana
nya alam tulisan-na-na
Kitab-na jagat buana
Moal luntur ku mangsi-na
Moal soek daluang-na
Baca-eun sa tungtung umur
Ci-ri-na satangtung diri
Cara-na sa tapak jagat
Jembar rasa Na-ga-ra- na
Bukti na, Ra-ga sa-li-ra
Kintunan Ki Laras Maya
Moal luntur ku mangsi-Na: pakai tinta orisinil ya?
asli pisan Pak heheh
Punteun pisan….. abdi tos wantun maos ieu seratan.
Rumaos sim abdi jalmi bodo katotoloyo…….., manwi kersa nguningakeun hartosna sareng maksadna ieu seratan teh kanggo naon sareng kamana arahna ?
Abot atuh patarosan ti Kang Omean, numawi abdi ge rada rieut Kang ngamakna’an na :). Maklum Kang seratanna kintunan, sanes ngadamel abdi nyalira, tapi panginten eusina mah perkawis ka ikhlasan nu ngancik di dirina masing-masing.
abdi rambisak ..
ari diri geuning kieu
sangkilang nembrak dina rasa
tapi buni weleh teu kadeuleu
abdi poekeun dinu caang
abdi sasab tengah poe
pamuga kanu kawasa
abdi butuh panungtun diri
pamuga kanu kawasa
kersa nungtun diri abdi
ngabukakeun rasa bagja
nu nyangkuwek dina dada
Mugi janten manfaat kanggo Nanda kitu deui abdi anu nyutatna, kum kanu ngadamel ieu seratan.
susun dada kotektak pangeusi dada lamun hoyong hartosna punten kadirina kedah terang kana rasa sanes rarasaan, rasa rosullulloh, punten ah..
kurung mah saukur bukur pikeun jalan catur …. tp
kuring nu bakal ngalaksana kersa tur kawasa timangtarajug aya didiri. sabab gusti geus gumati.
ngaji diri ini yaa…..tapi pakai bahasa sunda…..
ngajirim Kang Alec hehehe