Kungsi hariringan, mipir gawir mapay wahangan, nincak talapakan. Ceuk kolot, patilasan…patapaan sepuh baheula, ngawening pikir ngolah rasa muji syukur ka Yang Agung. Kuring darmawisata, ngahenang ngehening, marakpak endah ku MaHaNa. Hiliwirna angin mawa beja…
Iklan
beja ti mana? … π
Beja ti saha cing…. π piraku Dede teu terang.
Dulur,sok ah mumule lembur
Abdi urang Ciamis ngaraos bingah
Mung pami tiasa mah sing sering di update! π
Numawi Kang Acuy, abdimah sok heurin kuletah heheh, muhun Insya Alloh kapayunna mah sering di update hatur nuhun parantos linggih ka galuhkiwari.
Kang, kumaha tah beja ti hiliwirna angin teh? Ciklah atuh kuring bejaan…..
Bejana teh kieu Kang, MaHaNa, teu dua teu tilu, hiji..hiji..hiji.. seja kumawula. Rincik we ah Kang abdi mah kirang paos. Hatur nuhun wargi cibunut.
hatur nuhun kang kana informasina gambarna utamina…
te aca tiasa oge abdi ngalayad ka karuhun di cirebon sareng astana gede kawali tiasa ningali titinggalna. nepangkeun abdi urang Galuh tungtung wetan ti Rancah ketang….he…hee..hee. salam silaturrahim ah..
Sami-sami Kang Awan, punten ah kade lepat sanes Karuhun (mah kanggo anu Tunggal) tapi Rumuhun (Luluhur). Leuh ti Rancah…. Salam baktos ah kanggo keluarga di Rancah. Rahayu Galuh.