Isuk-isuk beberes buku, gorehel teh hiji catetan pamasihan kolot, dibukaan, asa kataji ku judul anu diluhur.
Ari hartina Karuhun teh nyaeta anu jadi lantaran ngasalkeun “ayana” Jasmani jeung Geutih (Rohaniah) urang, nyakitu deui Nuruhun (Wujud Anu Maha Suci=Nu Murba) urang geus kasifatan ku Kamurahan jeung Kaasihan AnjeunNa, buktina:
Ruh urang kasifatan ku Iradat (pengersa) nya tuluy boga Kabudayaan
Ruh urang kasifatan ku Ilmu (uninga) nya tuluy boga Kanyaho
Ruh urang kasifatan ku Hayat (Hirup) nya tuluy boga Hurip
Ruh urang kasifatan ku Sama (Ngarungu) nya tuluy boga Ngadenge
Ruh urang kasifatan ku Basar (Ningali) nya tuluy boga Nenjo
Ruh urang kasifatan ku Kalam (Ngandika) nya tuluy boga Ngucap
Naha hiji bangsa bae anu ngabogaan Jas-Mani jeung Ruh anu kasifatan ku Kamurahan jeung Kaasihan Nu-Ruhun teh?
Tos heula ah… panjang keneh…
sampurasun…
punteun pa’ bade ngiringan..
eta teh naha teu diterskeun ath..kalimah-kalimah na?
nuhun sateuacanna…rampes
Teu acan sempet diketik deui Dik, punten pisan..ngke ah ngantosan nyalse deui 🙂
sampurasun..
kang pameundak sim kuring mah ” karuhun ” teh nu tos karuhan..boh wujud… jenengan…hasil budi daya cipta lan karsa…
tabe pun
Hatur nuhun Kang Akil.