Sampurasun

Sampurasun, Rahayu Nu Medal Tina Acining Bumi.

Iklan

Sastra Ujung Kulon

1. Ujar-ujar panglungguhan para susuhunan Jajar pusaka titis waris karatuan Udagan para kusumah nyampurnakeun badan Nyandak waris pituduh, ti Bumi Suci Banyu Rasa Kahuripan Geusan pibekeleun para satria ngaguar cumarita sangaten

2. Kinayungan nu mawa pangadegan wahyu Cakra Ningrat Utusan ti Pajajaran nu pasti, sanes ti Kalinyamat Lumungsurna teu mawa jimat, tapi mibanda syahadat Olohok lain kabengbat kunu jadi, tapi inget ka riwayat Nalika jaman nu parantos kaliwat

3. Umbul-umbul siloka tanjung bandera Jadi tanda pikeun balarea nu aya Ulah pada baburia, hijikeun tekad bangsa Nincak kana hambalan, napak dina jalanna Gumelar dina waktuna, cumarita dina hakna

4. Kikidung nu mawa beja, warisan ti pupuhu Ulah rek di popoho, lamun rek pada ngagugu Lumaku lalanang jagat, lai oge dikudu-kudu Olahan nu mikahayang, teu surti kapara guru Nurutkeun bae kahayang, ahirna kakurung nafsu

5. Ujung Kulon waris nu pasti, panglungguhan SANGHYANG SIRAH Jumeneng alas mawangi, titis waris Eyang Kudratullah Ulah poho kanu pasti, waris suci ti para kusumah Nitih wanci nu mustari, ngadegkeun amanah prasasti sejarah Gumelar wangsit nu pasti, ngalaksanakeun pancen amanah

6. Kakayaan waris ti gusti, pikeun ngeusi jati diri Ujian pikeun diri, ngawujudkeun ngawangun nagri Lumaku ulah ka lali-lali, komo bari ngaku-ngaku diri Omongan bari teu pasti, nyasarkeun kanu rek ngabdi Nu mana nu sejati pasti, nu nyiloka ngaraksa diri

“kintunanKIKarinding”

Babar Kecap Panyipuhan Alam Panyundaan

Bismillahi Dzat nu Nyipta tur ngabuka babak lampah jagat raya Nu jadi ka-RUH-an Sarining Haya.

Sumujud nyungkur ka Papayung ti Hiung Agung nu Tunggal ngajadikeun rupaning nu Manunggal.Laaillaha illalloh Muhammaddarrosulloh.Kalayan Kasalametan ka Jungjunan Alam, Khalifatulloh Nu jadi ka-RUH-un Sarining Sukma.Sinembahing mulya ka Indung rawuh ka Bapa, tur Tatar Adat Nusa nu jadi cukang lantaran kapanga-RUH-an Sarining Kuring ngajirim jatidiri.Kalayan hormat ka para Luluhur Sunda nu nancebkeun Sulur Buah Pikiran Luhung, nu jadi Pamancar, Pamancir jeung Pamancur Palasifah Sunda

Babak carita urang buka ku tekad tata jeung cara Sunda NINDAK ngudag WAYAH : Bral urang Milampah MARTABAT Kamanusaan Sunda.Prak urang Makalangan DARAJAT Kahirupan Sunda.Prung urang Ngawangun KALUHUNGAN Adat Budaya Sunda.

Hurung ngempur Lampu Agung – Siang Leumpang Ngabaladah…Ku Rasa nu Ngabasa. Ku Basa nu Mangrupa. Ku Rupa nu Ngaungkara. Ku Ungkara nu Nanggara.Ku Tanggara nu Ngauga. Ku Uga nu Ngawaruga.

Tujuh Rupa Ungkara nyipuh ngahirupan Dalapan Belas Rupa Puraga Talahawa jadi konci pikeun muka rusiah sabundering jagat.Pangjangka nu ngajarak saban arah – ngajadikeun KARAMAH. Pamatri nu ngajirim kana diri – ngajadikeun KARIMAH. Panglawung ngagabung sabale gandrung – ngajadikeun KARUMAH.Pangleber nu meber ka sekeseler – ngajadikeun KAREMAH.Pangjero nu ngawaro ka panggero – ngajadikeun KAROMAH.Panggeter nu meper – ngajadikeun KAREMAH.Pangangkleung nu cukleuk leuweung – ngajadikeun KEREUMAH.

Basa nu hirup dina Rasa – Nga Uga KANYATAAN.Basa nu hirup jadi Wasa – Nga Waruga KALAMPAHAN.

Indung nu jadi simbul Panyipuh :Kembang tujuh rupa nu baris mere tangara seungitna Jati Sunda.Cai sajeroning kalapa nu baris matri ngadiri kana Sukma Jati Sunda.Gelarhirhing ” BABAR SUNDA – DINA UGA – NGAWARUGA “.

Bral muka jalan tatapakan Manusa Sunda ti Nusantara rek ngalanglang Jagat, Poma tong ngahalangan bisi Katulah.Kuring rek ngalengkeh ti Wewengkon Siliwangi mere beja nu TEGES – ECES – BENTES :SUNDA MAPAG UGA, Nyukcruk Kaluhungan Indung.SUNDA NANJEUR, Parahyangan Beuneur.SUNDA MEGAR, Pajajaran Medar.SUNDA SURTI, Siliwangi Walagri.SUNDA NINDAK, Buana Robah Jadi Alam Panyundaan.Sunda Indung Sagala Manusa. Bral…! Prak…! Prung…!

 

“kintunanKiKARINDING”